CERPEN REUWAS

google.co.id

Reuwas

Kacaritakeun aya hiji pamuda kakara asup masantrén di salah sahiji pasantrén di lemburna. Sebut waé Emod, ngarana.

Harita, pasosoré, pas ngong adzan Ashar, Emod langsung indit ka masjid. Rék sholat berjamaah maksudna mah. Sabab, ceuk pak ustadz, sholat mah kudu awal waktu, kitu gerentes haté manéhna. Ngan, pas harita, pas manéhna geus cicing di masjid, nu karék aya di masjid téh iwal manéhna sorangan. Can aya sasaha.

Lantaran kesel geus sababaraha menit nungguan, euweuh waé batur, antukna manéhna sholat nyorangan. Teu nungguan sholat berjamaah jeung nu lainna.

Pas nincak kana rokaat nukadua, aya sababaraha urang nu asup ka masjid. Santri-santri heubeul, nu geus senior jeung lila mondok di pasantrén éta. Janggotna gé geus pararanjang. Pinuh minuhan gado.

Santri-santri éta milu ngama'mum, ngimam ka si Emod. Ditepak waéh éta tak-tak si Emod téh ku salah saurang santri, bari tuluy maca takbir, semu haréwos.

Teg! Emod nu keus sholat téh rada ngagibeg. Semu reuwas. Pas tak-tak manéhna aya nu nepak.

Naonnya?” tanya manéhna na jero haté.

Lantaran panasaran, pas keur sujud, manéhna ngalieuk ka beulah tukang. Tapi, euweuh nanaon. Aya gé jalma di tukangeuna téh, akur keur sujud siga manéhna. “Ah, piraku ari jalma éta mah. Maenya wé kanu keur sholat tupak-tepak mah...,” kitu gerentes manéhna na jero haté, panasaran.

Sapanjang sholat, manéhna bingung mikiran kajadian éta. Da pas dilieukan mah, ngan ukur aya jalma ditukangeuna téh. Jaba piraku wé jalma éta mah.

Saenyana, sanggeus rapih maca salam, manéhna ngabiur lumpat ninggalkeun éta masjid. Ngabecir ka kobong teupikeun ka poho teu disendal-sendal acan. Bakating ku reuwas.

 “Tulung! Aya jurig di masjid!” kitu ceuk manéhna bari ngabecir.

Padahal, lain jurig nu nepak ka manéhna téh. Puguhan mah jalam nu tukangeun manéhna. Milu ngama'mum sholat ka manéhna. Ngan kulantaran teu apal téa, jeung karék manggih nu siga kitu, aya nu nepak kana tak-takna rék milu sholat gé disangka jurig. Antukna, manéhna sholatna teu khusu. Nu dipikiran ku manéhna nu nepak, jeung nu nepak.

 “Boa-boa jurig,” pikirna bari ngagolér, diparungkut ku sarung, di kobongna.

Rajadesa, 2016


SHARE

Nunu Nugraha

HSedang getol belajar nulis di koran. Puisi, cerpen, opini, dan resensinya telah nangkring di berbagai media, mulai dari lokal hingga nasional. Sesekali, nongol di media online. Kini, dia tengah berburu beasiswa dan tak ketinggalan, sedang berusaha mendapat restu calon mertua. Kalau mau nyapa @noe_aufa Twitternya. Nunu Nugraha Facebooknya.

  • Image
    Blogger Comment
    Facebook Comment

0 comments:

Post a Comment