google.co.id |
Reuwas
Kacaritakeun
aya hiji pamuda kakara asup masantrén
di salah sahiji pasantrén
di lemburna. Sebut waé Emod, ngarana.
Harita, pasosoré,
pas ngong adzan Ashar, Emod langsung indit ka masjid. Rék sholat
berjamaah maksudna mah. Sabab, ceuk pak ustadz, sholat mah kudu awal
waktu, kitu gerentes haté manéhna. Ngan, pas harita, pas manéhna
geus cicing di masjid, nu karék aya di masjid téh iwal manéhna
sorangan. Can aya sasaha.
Lantaran kesel geus
sababaraha menit nungguan, euweuh waé batur, antukna manéhna sholat
nyorangan. Teu nungguan sholat berjamaah jeung nu lainna.
Pas nincak kana
rokaat nukadua, aya sababaraha urang nu asup ka masjid. Santri-santri
heubeul, nu geus senior jeung lila mondok di pasantrén éta.
Janggotna gé geus pararanjang. Pinuh minuhan gado.
Santri-santri éta
milu ngama'mum, ngimam ka si Emod. Ditepak waéh éta tak-tak si Emod
téh ku salah saurang santri, bari tuluy maca takbir, semu haréwos.
Teg! Emod nu keus
sholat téh rada ngagibeg. Semu reuwas. Pas tak-tak manéhna aya nu
nepak.
“Naonnya?” tanya
manéhna na jero haté.
Lantaran panasaran,
pas keur sujud, manéhna ngalieuk ka beulah tukang. Tapi, euweuh
nanaon. Aya gé jalma di tukangeuna téh, akur keur sujud siga
manéhna. “Ah, piraku ari jalma éta mah. Maenya wé kanu keur
sholat tupak-tepak mah...,” kitu gerentes manéhna na jero haté,
panasaran.
Sapanjang sholat,
manéhna bingung mikiran kajadian éta. Da pas dilieukan mah, ngan
ukur aya jalma ditukangeuna téh. Jaba piraku wé jalma éta mah.
Saenyana, sanggeus
rapih maca salam, manéhna ngabiur lumpat ninggalkeun éta masjid.
Ngabecir ka kobong teupikeun ka poho teu disendal-sendal acan.
Bakating ku reuwas.
“Tulung! Aya
jurig di masjid!” kitu ceuk manéhna bari ngabecir.
Padahal, lain jurig
nu nepak ka manéhna téh. Puguhan mah jalam nu tukangeun manéhna.
Milu ngama'mum sholat ka manéhna. Ngan kulantaran teu apal téa,
jeung karék manggih nu siga kitu, aya nu nepak kana tak-takna rék
milu sholat gé disangka jurig. Antukna, manéhna sholatna teu khusu.
Nu dipikiran ku manéhna nu nepak, jeung nu nepak.
“Boa-boa jurig,”
pikirna bari ngagolér, diparungkut ku sarung, di kobongna.
Rajadesa, 2016
0 comments:
Post a Comment